kaulinan
barudak urang lembur (permainan anak-anak desa)
Beberapa kaulinan barudak urang
lembur (permainan anak-anak desa), antara lain:
Jajangkungan
Dalam permainan ini seorang pemain
harus mampu menyeimbangkan dirinya. Permainan Jajangkungan dimainkan dengan
sepasang tongkat atau galah terbuat dari kayu atau bambu. Tumpuan untuk pijakan
kaki dibuat pada ketinggian 30 – 60 cm dari ujung bawah tongkat. Pemain-pemain
bisa dengan serentak memainkannya secara bersamaan. Jajangkungan biasa
digabungkan dengan jenis permainan lain, seperti adu lari atau sepak bola.
Seringkali, penilaiannya hanya pada adu ketahanan berjalan di
atas jajangkungan
sambil saling menendang kaki jajangkungan lawan bermain. Pemain dinyatakan
kalah apabila terjatuh.
Paciwit
- ciwit Lutung
Paciwit - ciwit Lutung dimainkan
bergergu oleh 3 hingga 4 orang anak. Anak perempuan atau laki-laki bermain
dengan berusaha saling mendahului mencubit (nyiwit) punggung tangan diurutan
teratas sambil melantunkan kawih,
Paciwit-ciwit lutung…,
Si Lutung pindah ka tungtung, Paciwit-ciwit Lutung…,
Si Lutung pindah ka tungtung.
Tidak ada pihak yang dinyatakan menang atau kalah. Karena memang jenis permainan ini semata-mata dilakukan hanya untuk bersenang-senang dan mengisi waktu pada malam terang bulan.
Paciwit-ciwit lutung…,
Si Lutung pindah ka tungtung, Paciwit-ciwit Lutung…,
Si Lutung pindah ka tungtung.
Tidak ada pihak yang dinyatakan menang atau kalah. Karena memang jenis permainan ini semata-mata dilakukan hanya untuk bersenang-senang dan mengisi waktu pada malam terang bulan.
Gatrik
Gatrik dimainkan oleh dua orang atau
lebih secara beregu. Alat yang dimainkan adalah tongkat pemukul terbuat dari
kayu dan potongan kayu sepanjang 1/4 tongkat pemukul, istilahnya disebut
"anak gatrik”. Anak gatrik diletakan dilubang miring dan sempit dengan
setengah panjangnya menyembul di permukaan tanah. Ujung anak gatrik dipukul
dengan tongkat. Dan anak gatrik kembali dipukul sejauh-jauhnya ketika terlempar
ke udara. Nah, apabila anak gatrik tertangkap lawan, maka permainannya
dinyatakan kalah. Bila tidak tertangkap, jarang antara lubang dan tempat
jatuhnya dihitung untuk menentukan pemenangnya.
Perepet
Jengkol
Perepet Jengkol dimainkan oleh 3 hingga 4 anak perempuan
atau lelaki. Dimainkan dengan berdiri dan saling membelakangi sambil
berpegangan tangan. Salah satu kaki saling berkaitan di arah belakang dengan
berdiri sebelah kaki, pemain harus menjaga keseimbangan agar tidak terjatuh.
Sambil bergerak berputar ke arah kiri atau kanan menurut aba-aba si dalang yang
bertepuk tangan sambil melantunkan kawih,
Perepet jengkol jajahean..,
Kadempet Kohkol jejereten..
Tidak ada pihak yang dinyatakan menang atau kalah dalam permainan ini. Sama halnya dengan paciwit-ciwit lutung, permainan perepet jengkol pun biasa dimainkan untuk bersenang-senang pada saat terang bulan.
Perepet jengkol jajahean..,
Kadempet Kohkol jejereten..
Tidak ada pihak yang dinyatakan menang atau kalah dalam permainan ini. Sama halnya dengan paciwit-ciwit lutung, permainan perepet jengkol pun biasa dimainkan untuk bersenang-senang pada saat terang bulan.
Oray-orayan
Oray-rayan dimainkan beberapa anak
perempuan maupun lelaki di lapangan terbuka. Pemainnya saling memegang ujung
baju bagian belakang teman yang berada di depannya untuk membentuk barisan
panjang. Pemain terdepan berusaha menangkap pemain yang paling belakang yang
akan menghindar, sehingga barisan bergerak meliuk-liuk seperti ular, tetapi
barisan itu tidak boleh terputus dengan melantunkan kawih,
Oray-orayan luar leor ka sawah..,
Tong ka sawah parena keur seudeng beukah
Orang-orayan luar leor ka kebon …,
Tong ka kebon aya barudak keur ngangon.
Oray-orayan luar leor ka sawah..,
Tong ka sawah parena keur seudeng beukah
Orang-orayan luar leor ka kebon …,
Tong ka kebon aya barudak keur ngangon.
Sondah
Sondah pada umumnya dimainkan oleh
anak perempuan. Pola gambar berbentuk petak-petak berpalang dibuat di tanah.
Setiap pemain memegang sepotong pecahan genteng atau batu pipih, yang kemudian
dilemparkan ke dalam petak permainan. Pemain melompat-lompat dari petak ke
petak berikutnya. Petak yang terdapat pecahan gentingnya tidak boleh diinjak.
Pemain dinyatakan kalah jika menginjak garis petak atau bagian luar petak.
Pemain pertama disebut mi-hiji, kedua mi-dua, ketiga mi-tilu, dan seterusnya.
Anjang-anjangan
Anjang-anjangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.Palaturan
Saenyana mah teu aya palaturan nu matuh, mung palingan ge budak nu kabagean peran bapa, indung atawa anak kudu bisa ngahayatan peran nu dilakon. Mun saenyana aya aya nu teu bisa ngahayatan, biasana sok dipoyokan teu bisaeun ulin.Boy-boyan
Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na.Béklen
Béklen atawa béklen nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.Palaturan
kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji-hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui. bagean ka batur mah lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana.Minangka ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabeh, geus kitu ditangkub2keun dirawu deui. geus kabeh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun dina dampal leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna. henteu mimiti ti 1. jadi langsung. kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap tea. mun keur naspel lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk tea).
Cing Ciripit
Cing ciripit nya éta kawih paranti milang
saméméh ucing-ucingan.Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah
disebutna téh eméng-eménganCara maénna mimiti barudak ngariung, tuluy salah
saurang budak biasana budak nu panggedéna ngasongkeun dampal leungeunna
katengah riungan bari narangtung, tuluy budak séjénna ngasongkeun curukna
séwang-séwangan ditapelkeun kana luhureun dampal leungeun budak nu panggedéna
téa, sanggeus kitu barudak anu ngasongkeun curukna séwang-séwangan téa,
ngangkat jeung nurunkeun curukna séwang-séwangan bari ngawih cing ciripit, saha
nu kacekel curukna berarti éta nu éléh atawa nu eméng kudu ngudak barudak séjén
nu teu kacekel curukna, nu séjén lalumpatan ngajauhan nu eméng, tuluy mun aya
nu kacabak salah saurang budak berarti jadi pindah budak éta nu eméng jeung
kudu nyabak atawa ngaeméngkeun barudak séjénna kitu saterusna nepi ka kabagéan
kabéhAnu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin
barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran
budak.
Rakitanana kieu :Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna
Kawih lianna :
Cing ciripit
Kadal buntung
Duit saringgit
Dipaké nyandung
A, i, u, daun cau nangka ngora
Ari tang tang tang tangkeup !
Congklak
Congklak nyaéta kaulinan maké papan kai
dieusi kewuk.
Geus aya lombang-lombangna
7, ngajajar. Di hareupeun lombang 7 ge aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag
digigir-gigirna. Eta lombang teh dieusian ku siki
asem
atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa bareto mah mun congklakna dina
taneuh, sikina sok ku batu
laleutik.
Cara maén
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gede minangka lombang rajana mah henteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka beakna siki. Giliran ieu nu lombang gede (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian sasiki, lasutna teh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maen eta. Nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut tea.Endog-endogan
Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre". Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu….�?goleang goleang Mata sapi bolotot�? bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.
Galah asin
Galah asin nyaéta kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.Palaturan
Aya sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang. Paulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di lapangan terus make garis. Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan eta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis berarti eleh. Saterusna tuluy gantian.Hompilah
Hompilah nya éta kawih
paranti milang
saméméh prung maén ucing-ucingan.Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén
mah disebutna téh eméng-eméngan.Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah
sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna
éta jadi ciri ngaran budak.Cara ngalakukeunana barudak ngariung bari
namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeunna tuluy ngawih babarengan, saha
budak anu teu sarua hasil hompilahna aya nu nangkub dampal leungeunna saurang,
atawa nu nangkarak dampal leungeunna saurang berarti éta budak nu éléh jeung
eméng kudu ngudag budak séjén nu sarua hasil hompilahna, tuluy nalika barudak
lalumpatan ogé teu kaci jauh-jauh teuing lumpatna, lamun jauh nepi ka kaluar
tina galur lapangan atawa jauh ti buruan imah
dianggap gugur atawa teu bisa miluan deui maén ucing-ucingan.Tuluy nalika maén
ucing-ucingannana bisana disawatara tempat séjén mah sok aya hukuman atawa
balesan pikeun budak nu éléh ku cara di cabak atawa dikélékéték nepi ka
seuseurian malah aya budak nepi ka ngaompolan manéh banget ku tuluy-tuluyan
dikélékéték diriung ku budak séjénna nu teu éléh.
Kieu rakitan kawihna:Hompilah hompimpah
Alaihum gambréng.
Luncat tali
Luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.
Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea.
Pérépét jéngkol
Pérépét jéngkol nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.Nu maenna 3-5 urang, gerakanana engkle bari muter, biasana dipaenkeunna di buruan imah atawa di sakolaan. Ieu kaulinan bisa jadi lomba mun dipaenkeun ku sababaraha kelompok. Tiap-tiap kelompok kudu mertahankeun ulah nepi ka leupas si kakaitan suku teh. Nu meunang nyaeta nu bisa nahan/ lila teu leupas-leupas.
Maenna, tiap-tiap budak milih kelompokna, tuluy patukang-tukang bari pacekel-cekel leungeun, salajengna suku kenca atawa suku katuhu eta budak dikaitkeun kana leungeun nu keur pacekel-cekel tea, disusul deui ku suku budak nu sejen, budak nu pamungkasngaitkeun suku kudu bari ngonci suku-suku nu sejen, meh teu gancang leupas. Sanggeus dikonci, tuluy leungeun barudak nu pacekel-cekel dileupaskeun. satuluyna engkle bari muter, salian ti muter bari emprak jeung ngawih. Ngawihna kieu: "Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean". Mun diantara budak, sukuna aya nu leupas, nya lasut, sedengkeun nu masih kuat mah nya dituluykeun. Mun kabeneran aya keneh sababaha kelompok nu kuat, kelompok-kelompok eta patubruk-tubruk; sing saha nu teu bisa nahan tuluy labuh, eta nu eleh.
Kieu kawihna: Perepet Jengkol Laras: Salendro, Surupan 1 = Barang
2 1 5 1 2 1 5 1 1 2 1 5 1 2 2 1 5 1 1 pe re pet jeng kol ja ja he an ka dem pet koh kol je je re te an
Sondah
Sondah nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.Cara maénkeun
Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna teh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodel trapesium dibagi dua, mun calana samodel pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engklean (kaci ku suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagean awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu
puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.
Ucing sumput
Ucing-ucingan nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.Kaulinan ieu ((id):petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- Bahasa Indonesia; area-English) nyaeta wates2 panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna kapanggih pangpandeurina.
Ucing-ucingan
Ucing sumput nyaéta kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.Palaturan
Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang. paraturananan dimimitian ku undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna. budak anu kabagen jadi ucing kudu ngudag babaturanana sangkan beunang katoel/katepak. aya dua paraturan nyaeta mun geus beunang katoel ku ucing, otomatis jadi ucing jeung budak nu jadi ucing samemehna bisa bebas tina tugas jadi ucing.Paraturan sejenna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak eta otomatis jadi babaturan ucing, jeung nu ucing memehna tetap jadi ucing tepi ka kabeh anu miluan ucing-ucingan bisa katewak. mun geus katewak, biasana balikan deui tina hompimpah
Ambil-Ambilan
Ambil-ambilan nya éta kawih
kaulinan
barudak anu dikawihkeun ku dua rombongan atawa kelompok ngajajar
pahareup-hareup.[ara ngawihna siligenti patémbalan
kawas sisindiran, tuluy tumuluy nepi ka éléh rombongan atawa kelompok nu
hareupna teu bisa ngajawab deui.Budak nu kapilih ku rombongan anu kabagéan
milih, disebut ngaranna tuluy pindah ka rombonganana atawa kelompokna, pindahna
bari éngké-éngkéan sarta bari disurakan "maling endog" ku rombongan
anu ditinggalkeun.Tuluy nu éléh biasana kudu narima hukuman ti nu meunang,
lamun nu éléh teu narima kana hukumanana bisana sok leuwih disurakan ku barudak
nu meunang atawa disebutan euweuh kanjutan keur lalaki, mun keur awéwé
mah biasana sok disebutanna téh euweuh peurahan.
Kieu rakitan kaawihna:- Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil
kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.
Kawih lianna :
- Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil,
kami mah teu boga incu
boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.
Post a Comment